Cerpen : Kanyaah Indung

KANYAAH INDUNG
Karya : Djana S

                  CARPON

      Panangan ma Odoy uyup-ayap.  M ngarampaan sangu nu awur-awuran, karena di tamplokeun kana rarayna ku anakna nu ngaran Karsana. Ari 
Kasalahan ma Odoy teu sapira, pèdah manggorèngkeun sangu rada ka asin teuing. Meureun waktu nyokot uyah rada kalobaan.
Kuduna mah Karsana tèh ngama’lum. Da puguh boga indung tèh panon teu ningali. Kalakuan Karsana kitu peta tèh lain kakara, tetapi mindeng pisan.  Utamana mun tas di paroyokan ku babaturan nana.
Cenah indung si Karsana mah lolong. Mun tas di paroyokan ku baturna nya sasaran nana tèh ma Odoy, nu jadi indungna. Basana tèh, gara-gara ema lolong jadi baè batur maroyokan ka uing ma !?.

Mun narima bèja ti anakna kitu tèh, Karsana ku ma Odoy sok di upahan.

“Deudeuh teuing bageur, kasèp, keun sing sabar, sing tawekal. Nupenting mah, urang teu di poyokan kunu Maha Kawasa. Engkè ogè ari tos baroseneun mah, bakal lirèn nyalira kasèp. Mangkadè hidep mah teu kènging kitu ka batur nya..!?. Da sadayana ogè kagungan Alloh. Urang mah, teu daya teu upaya. Anging ku pangersa mantena”.

Ceuk ma Odoy bari ngusapan sirah Karsana.

Di usapan ku indungna tèh, Karsana lain cicing. Tapi kalah ka babadug bari sesentak.  “Padahal mun ema heula nu maot tèh, tong si bapa. Meureun uing moal boga indung lolong. Jeung moal dipoyokan ku batur”. 

Ceuk si Karsana bari sukuna najong bilik imah tepi kajebolna.

Lamun di carèkan ku Karsana, bari di sebut si lolong, ma Odoy ukur bisa ceurik sumerah kanu Maha Kawasa.  Bari nyambat salakina nu tos teu aya dikieuna.
“Kang hapunten budak urang tèh saè pisan geuning adatna tèh. Rupina ieu sadayana kalepatan abdi. Hapunten abdi tos lepat ngabantun kaputusan kang..!?”.

Ya Alloh.!?.
“Hapunten sagala rupi kaawonan pun anak. Mugi anjeun henteu maparin bebendon ka pun anak.  Sareng mugi engkè di final teu ngaabotkeun ka abdi.  Munguh anjeun nu langkung uninga Ya Raab.!?”. Kitu  gerentes hatè ma Odoy.

    Kitu geuning ari kangaranan indung ka anak, aya pari basa:  Mun anak salah nyaah ku salahna, mun anak bener nyaah kubenerna. Kitu deui mun bangor nyaah ku bangorna, mun bageur ogè nyaah ku bageurna.

Ka cindekan nana, ari bodoh mah tetep sok luhur kandungan, laèr aisan kanu jadi anak tèh. Sanajan meunang ka nyeri ogè, samèmèh anak mènta di hampura, ari hampura tinu jadi indung mah, sok leuwih tiheula di bikeun.

Sakapeung ma Odoy sok ngalamun bari humandeuar.

“Deudeuh teuing kasèp anaking jimat awaking. Kajeun teuing kumaha ogè hidep tèh anak ema. Najan hidep salah peta, salah ucap,  jeung salah tingkah ka ema.  Baeu teu nanaon kasèp. Asal ulah ka batur. Da batur mah biheung daèk ngahampura. Malah boa kalah malik ngarogahala ka hidep”.

“Jeung mèmang bener kitu kanyataan nana, mun ema tèh lolong. Ema rèla, ema lapang dada. Omongan hidep ku ema teu dipakè nyeri hatè. Da bongan dina waruga hidep aya darah jeung daging ema nu marengan”.

“Saban poè hidep, sok kedal ucap anu karasana matak peurih, tetapi ku ema teu dianggap nyeri. Sumawona mun rèk pundung. Da pungguh dina  balung hidep aya ci susu ema nu nyangkrung”.

     Mungguh pangorbanan indung ka anak bujeng harta, dalah nyawa ogè pasti di korbankeun. Geus puguh waktu keur ngalahirkeun. Indung humaregung marebutkeun antara hirup jeung pati. Kesang lembut, kesang badag bijil ngagarajag kaluar tina salirana. Teras anjeuna sasambat kanu Maha Kawasa;

Ya Alloh!?.
Enggal ka luarkeun anak abdi tina rahim abdi Gustiiii..!?. Anjeuna tèh nu baris nuluykeun turunan kulawarga abdi Ya Raab..!?. Tibatan anak abdi nu teu kaluar, langkung saè abdi nu paragat nyawa Ya Alloh..!?.

Getih beureum lalambaran, nyebrot ka luar marengan borojolna budak ka alam dunya. Budak di rawu di pangku. Di bagèakeun ku kulawarga. Tapi nya kitu geuning,  dimana budak geus nincak dèwasa, teu jarang aya nu bedang wangkelang, minculak baha ka indung jeung ka bapa. Poho kana purwa daksina. Teu inget pisan kana wiwitan. Saperti nu ka alaman ku ma Odoy ayeuna.

Ma Odoy hirup di bumina ukur kadua budak nya èta nu ngaran Karsana tèa.
Ari carogèna tos ngantunkeun waktu Karsana, umur lima sasih dina lebet kandungan.
Saprak ditinggalkeun ku salakina ma Odoy, èstuning banting tulang perjuangan sabisa-mampu. Utamana sok nyieunan jalabria atawa gemblong. Terus di iderkeun bari bubureuyeungan gedè beuteung. Kitu pakasaban ma Odoy pikeun nyambung hirupna, jeung ngagedèkeun Karsana anakna, nu ngan samata wayang.

Ngan nya kitu tèa geuning Karsana budak nu ngan ukur hiji tèh, lain bet ngaping bari ngabakti, namun malah campelak basangkal teu hornat kanu jadi indung.

Tapi Alhamdulillah sanggeus Karsana sakola ka Sekolah Menengah Pertama mah, geus tara aya deui, nu moyokan. Kahiji geus darèwasa, atuh kaduana sakolana jauh ti lemburna.
Tapi ari rasa èra ku babaturan mah, masih kènèh aya. Da èta baè mun babaturana aya nu hayang ulin ka imahna tèh, kumanèhna sok di carèk. Alèsanana manèhna teu cicing jeung indungna, namun milu cicing jeung urut pembantu kolotna cènah.

Karsana tèh ari di sakokana mah kacida dikenalna. Lantaran dina pelajaran mah, teu welèh jadi juara kelas baè. Lain baè ku murid lalaki, tapi ku murid awèwè ogè sarua. Malah rèa nu barogoheun ka Karsana tèh. Da pinter tèa.

Kaluar ti SMA, karsana teu hèsè asup ka Perguruan Tinggi. Da manèhna mah, asupna ogè makè jalur prèstasi, bari meunang Bèa Siswa deuih.
Di kampus gancang di kenal da aktif di Organisasi Kampus.
Ngan satiap babaturanana hayang ulin ka imahna, ku manèhna sok di tolak. Loba pisan mèrè alesan. Da èta ngarasa èra boga indung teu sarua jeung batur pèdah lolong tèa.

Kacaturkeun Karsana kuliahna geus bèrès. Dina waktu rèk Wisuda, surat ondangan keur kolotna, kumanèhna teu di bikeun ka indungna. Tapi kalah di soèkeun.
Da èta cenah mun indungna datang bakal èra ku batur. Atuh dina poèan di wisuda tèh Karsana mah, indit baè sorangan. Teu jiga baturna di anteur ku kolotna. Ngan ma Odoy meunang bèja ti batur, mun Karsana poè èta rèk di wisuda.
Kadorong ku kabungah jeung rasa panasaran, ma Odoy rerencepan nuturkeun ka kampus. Sup ma Odoy ka ruangan kawasan wisuda. Ma Odoy kacida bungahna waktu ngaran anakna di sebut. Teu karasa aya cai nu ngagenclang kaluar mapay kana pipina.

Sanggeus program wisuda bèrès, ma Odoy gura, giru ka luar ti heula da dina pikirna bisi kanyahoan ku Karsana, mun manèhna tiba ka daerah wisuda.
Kitu deui Karsana sanggeus bèrès acara wisuda mah, manèhna gancang balik. Datang ka imah indungna teu ka sampak di imah. Ceuk dina pikirna meureun keur ulin ka tatangga. Karsana gèk diuk, bari ngilikan poto manèhna keur di wisuda.

Keur jongjon ningakian poto, di luar aya nu keketrok kana panto. Karsana gancang wajah panto. Barang tampang panto, Karsana kagèt.  Mana horèng nu tiba tèh dua urang anggota pulisi. 

Pulisi nanya ka Karsana.

“Leres ieu bumina bu Odoy?”. Ceuk èta pulisi. “Leres pa!?.”. Tèmbal Karsana pinuh ku rasa kagèt. “Ma Odoy kacilakaan ..katabrak kendaraan beroda empat, dipayuneun Kampus. Ayeuna layona aya di Rumah Sakit”. Ceuk èta pulisi bari ngasongkeun kantong hideung ka Karsana.
Karsana nampanan èta kantong. Ku manèhna kantong di buka, hayang negeskeun KTP, naha bener indungna atawa lain. Sanggeus di titènan beber KTP indungna. Di kantong katingali aya surat, anu kertasna geus robah warna bari lècèt.  Bray èta surat ku Karsana di buka terus dibaca. Manahorèng èta surat tèh, surat pernyataan ma Odoy waktu rèk ngadonorkeun kornèa matana ka hiji orok nu ngaran Karsana.

Di balik surat aya goresan pena, anu di tulis ku ma Odoy.

“Deudeuh teuing hidep anak ema nu ngan hiji-hijina. Kunu Maha Kawasa hidep di takdirkeun gubrag ka alam dunya dina kaayaan teu ningali. Ema nrimo, ema ridho. Ema seja mikeun panempo ema ka hidep. Ema seja nyèrènkeun kaèndahan alam dunya ka hidep”.
“Leuwih hadè ema nu teu ningali, tibatan hidep anu teu nempo èndahna dunya. Ema moal tèga mun ningali hidep rarampayakan bari di sebut budak lolong kubatur.
Muga hidep apal..!?,ti mimiti poè ieu, ema ngambah alam nu poèk mongklèng buta tekun. Ema nu moal leungit ka deudeuh”.

Sanggeus maca èta surat. Karsana  satengah lumpat muru Rumah Sakit. Datang ka Rumah Sakit. Karsana ngarontok ma Odoy. Karsana ceurik gogoakan, geus euweuh deui rasa ka èra.

“Ema hapunten abdi, rumaos abdi salami ieu, tos ngaraheutan hatè ema. Manahorèng bèngrasna panon abdi tèh kagungan ema”.

Ya Alloh. !?
“Hapunten abdi, mugi pun biang di hapunten sagala kahilapanana. Mugi pun biang kènging tempat anu mulya di sagèdèngeun anjeun”.

Karsana nyuh bari nyiuman sampèan ma Odoy, nu tos ngagolèr ngabalè bangkè. Hirupna ma Odoy, èstuning sagemblengna di tamplokeun keur anakna nu ngangaran Karsana.

Najan ayeuna Karsana ceurik ngajerit maratan langit, ngocèak maratan jagat, hèlas geus taya deui hartina. Kaduhung teu mampu nulungan, rasa hanjajal teu mampu ngupahan. Nu aya rasa nyeri jeung peurih nu ngait meulit kana dirina. Cag**

                …. T a m a t ….


Posted

in

by

Tags: